2 Babad 10
Rehabam angkat ka Sekem, sabab keur didaragoan di ditu ku urang Israil kaom-kaom kaler, rek dijenengkeun raja.
Barang Yarobam bin Nebat anu keur aya di Mesir nyingkahan Raja Suleman, ngareungeu beja kitu, gancang bae mulang.
Ku urang Israil kaom-kaom kaler anjeunna diala, ti dinya bareng nepungan Rehabam, tuluy mihatur kieu ka Rehabam,
"Tanggungan anu ku tuang rama dikeunakeun ka kuring sadaya kacida ngaripuhkeunana. Manawi anjeun kersa maparin kaentengan malar hirup kuring sadaya ulah ripuh teuing, kuring sadaya seja satia jadi bawahan."
Waler Rehabam, "Kaula menta tempo tilu poe rek nimbang-nimbang heula. Engke bae ka darieu deui." Jalma-jalma terus budal.
Rehabam mundut pituah para sesepuh urut jurunasehat Suleman, ramana. Saurna, "Kumaha timbangan Bapa-bapa, jawab kumaha eta jelema-jelema teh?"
Piunjuk para sesepuh, "Upami Jeng Putra nembongkeun kahemanan, ngawaler ku nu pigenaheun hatena, tangtos maranehna bakal satia kumawula ka Jeng Putra."
Tapi eta nasehat para sesepuh teh ku anjeunna teu ditolih, anggur nepangan juru-juru nasehat nu diangkat ku anjeunna, barudak anu saumur jeung anjeunna.
Saurna, "Cik pirempug aranjeun kumaha hadena kuring teh? Jawab kumaha eta jelema-jelema anu marenta kaentengan teh?"
Jawab maranehna, "Saurkeun kieu, ‘Cinggir kami leuwih gede ti batan cangkeng ama kami.’
Saurkeun deui kieu, ‘Tanggungan maraneh ti ama kami memang beurat. Ku kami rek dijieun leuwih beurat. Maraneh ku ama kami disabet ku pecut, ku kami mah rek dibabukan ku pecut cucuk beusi!’"
Sanggeus tilu poe tea, Yarobam jeung jalma loba ngadareuheus deui ka Raja Rehabam sakumaha pamundutna.
Tapi raja lain nurut kana pituah para sesepuh. Ngawalerna ge keras,
da nurutkeun timbangan anu ngarora. Saurna kieu, "Ama kami mere tanggungan beurat ka maraneh. Tanggungan ti kami mah bakal beuki beurat. Ama kami nyabet ka maraneh ku pecut, kami mah arek ngababukan ku pecut cucuk beusi!"
Jadi raja teh henteu malire kana pamenta eta jelema-jelema. Eta geus kitu dikersakeunana ku GUSTI Allah, sangkan laksana pangandika-Na ka Yarobam bin Nebat ku perantaraan Ahia jurupeleng ti Silo.
Barang geus tetela yen pamentana ka raja teu dipalire, seug tinggorowok pokna, "Rorod Daud saturunanana! Naon jasana ka urang? Eh urang Israil, baralik! Keun Rehabam mah sina kumaha karepna!" Jadi urang Israil teh barontak.
Rehabam pada ninggalkeun, jadi raja ge ngan keur rahayat di wewengkon Yuda wungkul.
Anggeus kitu Rehabam miwarang Adoniram anu keur ngamandoran jelema-jelema anu gawe paksa, dipiwarang nepungan urang Israil. Tapi tiwas pada ngabenturan ku batu. Sanggeus uninga kitu, clak Rehabam kana kareta, rurusuhan kabur ka Yerusalem.
Ti harita rahayat karajaan Israil kaler ngalawan ka raja terah Daud.